Naskah Khutbah Jumat

Teks Khutbah Jumat 12 Juli 2024 Dalam Bahasa Sunda Bertema Doraka ka Indung

Naskah Khutbah Jumat 12 Juli 2024, Bahasa Sunda berjudul : Doraka ka Indung Madarat ti Dunya Dugika Akherat

Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
kemenag.go.id
Ilustrasii Pelaksanaan shalat Jumat di Istiqlal 

ثَلَاثَةٌ لَا يَنْفَعُ مَعَهُنَّ عَمَلٌ: الشِّرْكُ بِاللهِ، وَعُقُوقُ الْوَالِدَيْنِ، وَالْفِرَارُ مِنَ الزَّحْفِ

Hartosna: “Tilu perkara anu matak hiji amal teu mangfaat mun dibarengan eta tilu perkara, nyaeta (1) midua ka Alloh, (2) doraka ka indung bapa, (3) kabur ti paperangan,” (HR. ath-Thabrani).

Dina hadits anu sanesna diuningakeun yen jalma anu doraka ka indung bapa mah kalebet tilu golongan anu diharamkeun asup ka surga, “Tilu golongan anu diharamkeun ku Alloh asup ka surga, nyaeta anu nyandu kana khomer, jalma nu doraka ka indung bapa, jeung jalma anu dayuts,” (HR. an-Nasa’i sareng al-Hakim).

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024, Bahaya Perselingkuhan dalam Rumah Tangga

Malahan, leuwih beuratna deui, balesan jalma anu doraka ka indung bapa diterehkeun di dunia samemeh maotna. Wujudna tangtu rupa-rupa, saperti dirupekkeun rezeki, dijauhkeun tina kabarokahan hirup, dikungkung ku apes, cilaka, kasedihan, sareng sajabina. Eta teh jelas tetela dina dawuhan Kangjeng Nabi:

كُلُّ الذُّنُوبِ يُؤَخِّرُ اللَّهُ مِنْهَا مَا شَاءَ إِلَّا الْبَغْيَ وَقَطِيعَةَ الرَّحِمِ يُعَجِّلُهُ اللَّهُ لِصَاحِبِهِ قَبْلَ الْمَمَاتِ

Hartosna, “Sakabeh dosa diakhirkeun balesannana ku Alloh sakumaha irodah-Na kecuali dosa doraka ka indung bapa. Mantenna bakal nerehkeun balesannana ka nu migawena di dunya samemeh maotna,” (HR. al-Hakim).

Pikeun gambaran kumaha beuratna balesan jalma anu ngaraheutan hate indung, pernah aya hiji sahabat anu namina Alqamah. Anjeuna hiji jalmi anu taat ka Alloh, tekun ibadah, teu pernah tingaleun puasa sareng shalat, termasuk zakat sareng sodakoh. Nanging, di akhir hayatna, anjeuna teu tiasaeun ngucapkan kalimat Lailahaillallah.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024, 7 Upaya yang Harus Ditempuh untuk Menata Hati

Saparantosna dilaporkeun sareng ditalusur ka Kangjeng Rosul, Alqamah masih gaduh ibu anu tos sepuh sareng manah indungna kantos raheut ku polah Alqomah. Numutkeun ibuna, Alqamah leuwih mentingkeun jeung leuwih perhatian keneh ka istrina tinimbang ka indungna. Eta sababna, nalika sakaratul maut, lisan Alqamah beurat mengucapkeun kalimah thoyyibah.

Untungna, Kangjeng Rosul geuwat pang nyuhunkeun panghampura ka ibuna Alqamah. Kanggo mukakeun pinto kanyaaah jeung panghampura indung, Kangjeng Rosul nyuhunkeun para sahabat ngumpulkeun suluh kanggo ngaduruk Alqamah.

Ngadangu kitu, jiwa jeung kadeudeuh nu jadi indung ngadadak hudang. Manahna leah. Anjeuna ngaraos teu tega lamun kedah ningal jasad nu jadi anak diduruk hirup-hirup payunannana. Hingga akhirna anjeuna ngahampura Alqamah tinimang ningal jasad murangkalihna seep kaduruk seuneu.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024, Bahaya Perselingkuhan dalam Rumah Tangga

Kangjeng Rosul teras sasauran ka ibuna Alqomah, “Umi, seuneu akherat mah kantenan langkung peurih ti seuneu dunya.” Saatosna dihampura mah ku indungna, Alqamah teh lancar ngaleupaskeun nafas terakhirna sabari ngucap kalimah Lailahaillallah.

Sidang Jumah anu mulya, Alqamah wae anu taat ibadah ka Alloh, ampir-ampiran pupus su’ul khatimah, komo deui jalma anu dorhaka ka Alloh sareng ka indung bapa? Kumaha nasib jalma anu terus-terusan nganyenyeri hate indung bapana? Tah ieu teh pelajaran anu kalintang berharga kanggo saha wae anu masih ngagaduhan sikep anu awon ka indung bapa. Sakaligus pelajaran kanggo urang nalika hoyong ngengingkeun kamatian anu husnul khatimah.

Maka ti kawit ayeuna, hayu urang ngarobah sikep goreng urang ka indung bapa, komo ka indung urang. Sing emut yen indung teh tunggul rahayu bapa tangkalna darajat. Doakeun anu sae pami aranjeuna tos teu aya. Bagjakeun aranjeuna. Lamun can mampu ngabagjakeun, sakirang-kirangna ulah nganyerikeun sareng ngajaga perasaan aranjeuna. Sabab, balesan sareng ancamannana kalintang beuratna. Balesannana tong boro di akherat, malah di dunya keneh geus ditembongkeun.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024, Hal-hal yang Menghalangi Kedekatan Kita dengan Allah

Mugia urang sing kalebet jalmi anu taat ka Alloh sareng ka ibu rama, syukur ka Alloh oge syukur ka ibu rama.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 12 Juli 2024 Bertema Janji Kita pada Allah SWT sebelum Terlahir ke Dunia

Halaman
1234
Sumber: Tribun Priangan
Rekomendasi untuk Anda

Ikuti kami di

AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved