Naskah Khutbah Jumat

Teks Khutbah Jumat 12 Juli 2024 Dalam Bahasa Sunda Bertema Doraka ka Indung

Naskah Khutbah Jumat 12 Juli 2024, Bahasa Sunda berjudul : Doraka ka Indung Madarat ti Dunya Dugika Akherat

Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
kemenag.go.id
Ilustrasii Pelaksanaan shalat Jumat di Istiqlal 

Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana.

Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka Baginda Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Rasul utusan nu nyandak cahaya ketauhidan kangge umatna. Solawat kalih salam oge mugia sing dilimpahkeun ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna.

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri pribadi, umum ka ahli Jumah sadayana. Sabab ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana. Oge ukur katakwaan nu janten tameng panghalang kanggo urang dina ngajalankeun sagala rupi perintah Alloh oge nebihan panyegah-Na.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024, 4 Hambatan yang Menghalangi Hamba Dekat dengan Allah

Sidang Jumah anu mulya,

Parentah ngabakti, syukur, sareng migawe hade ka indung bapa parantos jelas ditetelakeun dina Al-Quran sareng Sunah. Nyakitu deui larangan doraka sareng minculak ka marantenna parantos dijentrekeun. Di antawisna dina serat an-Nisa’:

وَاعْبُدُوا اللّٰهَ وَلَا تُشْرِكُوْا بِه شَيْـًٔا وَّبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسَانًا

Hartosna, “Kudu nyembah aranjeun ka Alloh sareng ulah rek ngaduakeun aranjeun ka Alloh jeung naon wae. Jeung kudu migawe hade aranjeun ka indung-bapa,” (QS. an-Nisa’ [4]: 36).

Sementawis dina serat Al-Isro diuningakeun:

وَقَضٰى رَبُّكَ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّآ اِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسٰنًاۗ اِمَّا يَبْلُغَنَّ عِنْدَكَ الْكِبَرَ اَحَدُهُمَآ اَوْ كِلٰهُمَا فَلَا تَقُلْ لَّهُمَآ اُفٍّ وَّلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُلْ لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيْمًا

Hartosna, “Pangeran anjeun tos netepkeun yen anjeun ulah nyembah ka sasaha anging ka Anjeuna (Alloh), oge kudu migawe hade anjeun ka indung-bapa. Lamun salah saurang di antara aranjeunna atawa duanana dugika kana yuswa sepuh di sagigireun aranjeun, maka anjeun ulah rek ngucapkeun ka aranjeuna ucapan “ah” jeung deui anjeun ulah rek nyentak ka aranjeuna, anggur mah ucapkeun ka aranjeuna ucapan anu harade,” (QS. al-Isro’ [17]: 23).

Ibnu Abbas parantos ngajelaskeun, maksad migawe hade di dieu nyaeta nunjukkeun sikep anu ramah sareng lemah lembut, teu nyarios kasar, teu nyinggung emutan, teu molototan, sumawona lamun nyentak.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024: 7 Upaya Penting yang Bisa Dilakukan untuk Perbaiki Hati

Alhasil, salaku anak ti hiji indung jeung bapa, urang kedah nunjukkeun sikep anu handap asor sareng hormat nalika aya di payuneun aranjeuna. Sopan nalika nyarios sareng santun dina sikep.

Masih saur Ibnu ‘Abbas, aya tilu ayat anu turun disandingkeun sareng tilu perkara sejenna, salah sawiosna nyaeta ayat parentah syukur ka Alloh anu disandingkeun sareng parentah syukur ka indung bapa.

Dua perkara ieu teu tiasa dipisahkeun. Ngandung hartos, Alloh moal narima syukur urang lamun urang henteu syukur ka indung bapana. Ku hal sakitau, pantes Kangjeng Rosul nyarioskeun dina hadisna, “Rido Alloh aya dina rido indung bapa, bendu-Na aya dina bendu indung bapa.” Kitu sakumaha anu dikutip ku Syekh Zainuddin al-Malaibari dina kitab Irsyadul-‘Ibad.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 12 Juli 2024 7 Upaya yang Harus Ditempuh unutuk Menata Hati

Katambih syareat parantos netepkeun, yen darajat indung tilu kali leuwih luhur tinimbang nu jadi bapa. Hal ieu sanes hartos urang nyepelekeun nu jadi bapa, tapi indung kedah langkung dihormat, dipikanyaah, sareng diperhatoskeun tinimang bapa. Alesannana kahiji, indung mah sacara fisik teu sakuat bapa; kadua indung mah sosok anu leuwih nyaah, leuwih perhatosan, jeung paling direpotkeun kunu jadi anak. Sahingga, doraka ka indung bapa, komo lamun ka indung, ditetepkeun balesannana hiji dosa gede nu ngakibatkeun amal ibadah jadi percuma, sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul:

Halaman
1234
Sumber: Tribun Priangan
Rekomendasi untuk Anda

Ikuti kami di

AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved