Idul Adha 1446 H

Naskah Khutbah Idul Adha 6 Juni 2025/10 Zulhijah 1446 H Pakai Bahasa Sunda

Berikut ini disajikan contoh Naskah Khutbah Idul Adha 6 Juni 2025/10 Zulhijah 1446 H Pakai Bahasa Sunda yang Penuh Hikmah di Hari Raya Haji

Tribun Jabar/Sidqi Al Ghifari
KHUTBAH IDUL ADHA - Suasana salat Ied di lapangan Kecamatan Pameungpeuk, Senin (31/3/2025). Berikut ini disajikan contoh Naskah Khutbah Idul Adha 6 Juni 2025/10 Zulhijah 1446 H Pakai Bahasa Sunda yang Penuh Hikmah di Hari Raya Haji. (Foto Dokumentasi TribunPriangan.com, 31 Maret 2025). 

Shalawat sareng salam mugi didugikeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, oge ka para kulawargana, sahabatna mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Allahu Akbar 3x

Hadirin Rahimakumullah..

Dina ngamalkeun ajaran agama Islam urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, hartina urang teu meunang suudzon.

sabab teu aya ajaran Islam nu bakal ngarugikeun umatna, conto dina parentah puasa mun dilaksanakeun pasti moal madarat, sanajan ti isuk nepi ka burit henteu barang dahar.

Atuh sakalieun indit-inditan atawa gering atawa aya udzur, ku Allah dibere rukhsoh supaya henteu puasa. Jadi eces pisan ajaran agama Islam teh merhatikeun kana kasalametan jiwa jeung kasehatan.

Baca juga: Jadwal Resmi Idul Adha 2025 Setelah Sidang Isbat 1 Zulhijah 1446 Hijriah

Urang kudu yakin yen tiap-tiap parentah agama pasti manfaatna bakal balik ka urang sorangan. Mun urang ninggalkeun ajaran Islam, pasti bakal rugi kacida akibatna.

Keur ngabuktikeun yen parentah agama teh moal ngarugikeun pikeun ummat.contona loba pisan saperti:

Kahiji, Nabi Ibrohim As, nalika ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana nu jenengannana Ismail, di hiji lengkob nu nenggang teu aya lembur, sedengkeun Ismail harita masih orok. Nabi Ibrahim cukup ku ngadoakeun supaya kulawargana daek solat, boga akhlak nu hade, sarta dibere rizki ku Allah. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

رَّبَّنَا إِنِّى أَسْكَنتُ مِن ذُرِّيَّتِى بِوَادٍ غَيْرِ ذِى زَرْعٍ عِندَ بَيْتِكَ ٱلْمُحَرَّمِ رَبَّنَا لِيُقِيمُوا ٱلصَّلَوٰةَ فَٱجْعَلْ أَفْـِٔدَةً مِّنَ ٱلنَّاسِ تَهْوِى إِلَيْهِمْ وَٱرْزُقْهُم مِّنَ ٱلثَّمَرَٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُونَ

“Nun gusti pangeran abdi sadaya, sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdidina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, anu pernahna caket bumi Gusti (baitullah) anu dimulyaken.

Baca juga: BREAKING NEWS: Hasil Sidang Isbat, Menag Umumkan Idul Adha 2025 Jatuh pada Jumat 6 Juni 2025

Nun Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranehna kersa ngaradegkeun salat, mugia hatena jalmi-jalmi janten manteng kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia gusti maparin rizki ka maranehna mangrupi bubuahan, supados maranehna muji sukur. (Qs. Ibrahim: 37)

Terus kanyataanna,kulawarga Nabi Ibrahim As kacida dipikanyaahna ku Allah.

Ismail salamet, atuh indungna oge salamet, malah aya sumur zamzam bukti kanyaah Allah anu masih aya dugi ka ayeuna.

Allahu Akbar 3x

Halaman
1234
Sumber: Tribun Priangan
Rekomendasi untuk Anda

Ikuti kami di

AA

Berita Terkini

Berita Populer

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved