Hari Guru 2024

3 Contoh Pidato Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda untuk Siswa SD, SMP dan SMA

Berikut Ini Dia 3 Contoh Piadato Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda untuk Siswa SD, SMP dan SMA

|
POS-KUPANG.COM/DIONISIUS REBON
3 Contoh Piadato Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda untuk Siswa SD, SMP dan SMA 

Réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikahormat..

Guru parantos ngababarkeun seueur pahlawan hebat di bumi ieu. Mangka atos sakuduna urang nganjenan jasa guru-guru urang anu parantos masihan urang seueur élmu ku pangaweruhna, ngadidik urang ka arah kasaéan. Jadi, kanggo simkuring mah “Guru téh nya éta pahlawan.”

 

Hadirin sakalian, dewan, guru, sareng réréncangan anu ku simkuring pikahormat..

Mung ngan sakitu baé anu tiasa ku simkuring dugikeun dina biantara singkat ngenaan kana jasa guru ieu.

Haturnuhun kana sagala perhatosan-nana, simkuring neda di hapunten tina sagala rupi kakirangana, boh dina cariosana boh dina materi anu ku simkuring dugikeun ieu.

Wassalamualaikum wr, wb.

Baca juga: Selamat Hari Guru, Ini Teks MC Upacara Hari Guru Nasional 2024, Dilengkapi Susunan Upacara Resmi

Baca juga: Selamat Hari Guru, Ini Tata Tertib dan Susunan Upacara Periangatan Hari Guru Nasional 2024

Contoh Pidato Upacara Hari Guru Nasional 2024 Bahasa Sunda (3)

Assalamu’alaikum Warohmatullaahi Wabrokaatuh

Alhamdulillah, Alhamdulillahirabbil Alamiin, assholatu wassalamu ala syrofil anbiya’i wa imamil mursalin, sayyidina wamaulana muhammadin wa ala alihi wasohbihi aj’main. Amma Ba’du

 

Ti payun mangga urang panjatkeun sasarengan puja jeung puji syukur kahadirat ALLAH SWT. Alhamdulillah dina dinten ieu urang sadayana tiasa kempel ngariung dina kayaan sehat walafiat.

Rahmat jeung salam mugia tetep dilimpahkeun kanggo nabi urang sadayana muhammad saw nu teu aya nabi nu sanes saparantosna.

Mugi ogé urang kalebet kana pangikutna nu menangkeun syafaat di poé kiamat engkin, amin yaa robbal alamin.

Teu hilap urang panjatkeun ogé du’a kanggo kadua kolot urang sarta bapa ibu guru nu parantos ngadidik, ngabina, sareng ngabekeulan urang ku pangelmu nu seueur, ku kituna urang mugi-mugi tiasa jadi jalmi-jalmi anu iman, taqwa, sareng boga akhlak mulia.

Dina ieu kasempetan simkuring badé ngadugikeun biantara ngeunaan kana pentingna urang mikahormat ka kolot jeung ka guru urang.

Éta hartosna yen kedah aya béntenna antawis nyarios ka sepuh sareng nyarios ka réréncangan.

Sanaos nganggo basa naon bad, ari hormat ka sepuh sareng ka ibu bapa guru mah tangtos wajib. Mung dina basa Sunda mah éta téh diperhatoskeun pisan. Duh mani saénya bahasa sunda téh?

 

Hadirin anu kusimkuring pikahormat.

Urang tangtos kedah hormat ka anu janten sepuh urang anu parantos ngurus urang sadayana, teu kinten ageungna jasa anu janten sepuh urang téh.

Kitu ogé ka bapa sareng ibu guru, urang sadayana kedah mikahormat anjeunna margi ibu bapa guru tdh parantos ngajar urang tiasa terang kana elmu anu tangtos aya mangpaatna kanggo urang sadayana.

 

Hadirin sarta rerencangan sakantenan nu simkuring pikadeudeuh.

Unggal jalmi tangtuna pasti miboga sepuh atanapi kolot, teu aya hiji jalmi ogé manusa anu lahir teu aya bapa jeung indungna iwal ti nabi adam.

Urang ogé sadar tangtuna kolot urang téh tos sesah beurang peuting ngabanting tulang, mikiran sakuat tanaga kumaha carana pikeun ngajuangkeun anak-anakna.

Ku kituna urang salaku anak-anakna kedah hormat ka anjeuna, sabab hormat ka indung jeung bapa téh mangrupakeun sala sahiji amal shaleh anu mulia bahkeun parantos disebutkeun dina aL-Qur’an pikrun kautamaan ngabakti ka indung jeung bapa teh, saur firman allah: …….

 

Hadirin, bapa ibu guru anu jusimkuring dipikahormat, sareng réréncangan anu ku simkuring pikadeudeh.

Rupina ngan sakitu baé biantara singket ti simkuring, hamputen anu kasuhun bilih aya cariosan ti simkuring anu kirang merenah. Sareng mugi-mugi urang sadayana kalebet jalmi anu tiasa hormat ka anjeuna, janten hamba-hamba pilihanna, sereng mugi urang ogé kalebet jalmi-jalmi anu beruntung. Amin yaa robbal alamin!

Akhirul kalam, Wassalamu’alaikum Warohmatullaahi Wabarokaatuh.

 

Simak berita update TribunPriangan.com lainnya di: Google News

Sumber: Tribun Priangan
Halaman 4 dari 4
Rekomendasi untuk Anda

Ikuti kami di

AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved