Hari Guru Nasional 2025
3 Contoh Sambutan Bahasa Sunda Spesial Hari Guru Nasional 2025, Penuh Doa dan Harapan Baik
3 Contoh Sambutan Bahasa Sunda Spesial Hari Guru Nasional 2025, Penuh Doa dan Harapan Baik
Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
Teu hilap urang panjatkeun ogé du’a kanggo kadua kolot urang sarta bapa ibu guru nu parantos ngadidik, ngabina, sareng ngabekeulan urang ku pangelmu nu seueur, ku kituna urang mugi-mugi tiasa jadi jalmi-jalmi anu iman, taqwa, sareng boga akhlak mulia.
Dina ieu kasempetan simkuring badé ngadugikeun biantara ngeunaan kana pentingna urang mikahormat ka kolot jeung ka guru urang.
Éta hartosna yen kedah aya béntenna antawis nyarios ka sepuh sareng nyarios ka réréncangan.
Sanaos nganggo basa naon bad, ari hormat ka sepuh sareng ka ibu bapa guru mah tangtos wajib. Mung dina basa Sunda mah éta téh diperhatoskeun pisan. Duh mani saénya bahasa sunda téh?
Hadirin anu kusimkuring pikahormat.
Urang tangtos kedah hormat ka anu janten sepuh urang anu parantos ngurus urang sadayana, teu kinten ageungna jasa anu janten sepuh urang téh.
Kitu ogé ka bapa sareng ibu guru, urang sadayana kedah mikahormat anjeunna margi ibu bapa guru tdh parantos ngajar urang tiasa terang kana elmu anu tangtos aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Hadirin sarta rerencangan sakantenan nu simkuring pikadeudeuh.
Unggal jalmi tangtuna pasti miboga sepuh atanapi kolot, teu aya hiji jalmi ogé manusa anu lahir teu aya bapa jeung indungna iwal ti nabi adam.
Urang ogé sadar tangtuna kolot urang téh tos sesah beurang peuting ngabanting tulang, mikiran sakuat tanaga kumaha carana pikeun ngajuangkeun anak-anakna.
Ku kituna urang salaku anak-anakna kedah hormat ka anjeuna, sabab hormat ka indung jeung bapa téh mangrupakeun sala sahiji amal shaleh anu mulia bahkeun parantos disebutkeun dina aL-Qur’an pikrun kautamaan ngabakti ka indung jeung bapa teh, saur firman allah: …….
Hadirin, bapa ibu guru anu jusimkuring dipikahormat, sareng réréncangan anu ku simkuring pikadeudeh.
Rupina ngan sakitu baé biantara singket ti simkuring, hamputen anu kasuhun bilih aya cariosan ti simkuring anu kirang merenah. Sareng mugi-mugi urang sadayana kalebet jalmi anu tiasa hormat ka anjeuna, janten hamba-hamba pilihanna, sereng mugi urang ogé kalebet jalmi-jalmi anu beruntung. Amin yaa robbal alamin!
Akhirul kalam, Wassalamu’alaikum Warohmatullaahi Wabarokaatuh.
(*)
Baca artikel TribunPriangan.com lainya di Google News
Teks Sambutan Hari Guru Nasional 2025
Sambutan Hari Guru Nasional 2025
Hari Guru Nasional 2025
contoh teks sambutan Hari Guru
Sambutan Hari Guru Nasional
Hari Guru Nasional
Hari Guru (PGRI)
Hari Guru (PGRI) 2025
Hari Guru 2025
| 30 Ucapan Selamat Hari Guru Nasional 2025 dalam Bahasa Inggris dan Terjemahannya |
|
|---|
| 35 Ucapan Hari Guru Nasional 2025, Penuh Doa dan Dukungan Tanda Jasa |
|
|---|
| 20 Link Poster Hari Guru PGRI 2025 untuk IG dan WA, Yuk Beri Tanda Jasa Terbaikmu! |
|
|---|
| 20 Twibbon Hari Guru PGRI 2025, Berikan Ungkapan Tanda Jasa Terbaik di Sosial Mediamu! |
|
|---|
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/priangan/foto/bank/originals/Teks-Pidato-untuk-Lomba-Pidato-Hardiknas.jpg)