Naskah Khutbah Jumat
Naskah Khutbah Bahasa Sunda Jumat 22 Agustus 2025: Sagigireun Ngalap Ni’mat, Ulah Poho Hisab Akherat
Naskah Khutbah Bahsa Sunda Jumat 22 Agustus 2025/ 28 Safar 1446 H: Sagigireun Ngalap Ni’mat, Ulah Poho Hisab Akherat
Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
Hadirin sadayana Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib bade wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka sadayana sidang jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya sareng akherat. Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga ngajalankeun paranteh Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia urang sadayana sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Alloh swt. dina sagala laku lampah urang sadayana.
Sidang jumah anu mulya Sakumaha ayat anu diaos khotib di luhur, Allah parantos nemrakkeun sifat umum manusa kalebet urang sadayana. Naon sifat umumna manusia teh? Nyaeta laley jeung poho. Laley ngajalankeun parentah Alloh. Laley kana peringatan Alloh. Laley kana teguran Alloh. Maranehna sibuk nguruskeun perkara dunya dugika poho kana perkara akherat. Maranehna sibuk ngumpul-ngumpul dunya dugika poho kana hisaban sareng pertangung-jawaban di payuneun Alloh. Kitu sakumaha unggel ayatna.
أَلْهَاكُمُ التَّكَاثُرُ، حَتَّى زُرْتُمُ الْمَقَابِرَ
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 22 Agustus 2025: Menjadi Seorang Guru adalah Profesi yang Mulia
Hartosna, “Ari paloba-loba raja kaya dunya teh eta tos ngalaleykeun aranjeun, dugika aranjeun asup kana jero kubur.” (QS. a-Takatsur [102]: 1-2).
Tah ngalangkungan ieu ayat, Alloh saleresna parantos maparin pepeling ka urang sadayana, yen urang ulah laley teuing ku perkara dunya dugika poho pibekeleun urang mayunan kahirupan akherat. Hartos sanes urang ulah milari harta jeung dunya barana, nanging urang kedah emut, yen milari dunya kedah sesuai sareng jalan anu ditunjukkeun ku Alloh, tos kenging dunya kedah dianggo syukur ku urang di jalan Alloh, oge tong hilap saalit seueurna harta urang bakal dipertanggung-jawabkeun di payuneun Alloh.
Urang sing emut, kaayaan urang di payunen Alloh dina poe kiamah, sakumaha anu parantos didugikeun ku Kangjeng Rosul.
لاَ تَزُولُ قَدَمُ ابْنِ آدَمَ يَوْمَ القِيَامَةِ مِنْ عِنْدِ رَبِّهِ حَتَّى يُسْأَلَ عَنْ خَمْسٍ، عَنْ عُمُرِهِ فِيمَ أَفْنَاهُ، وَعَنْ شَبَابِهِ فِيمَ أَبْلاَهُ، وَمَالِهِ مِنْ أَيْنَ اكْتَسَبَهُ وَفِيمَ أَنْفَقَهُ، وَمَاذَا عَمِلَ فِيمَا عَلِمَ
Hartosna, “Moal ngeser lengkah bani Adam dina poe kiamah di payuneun pangerannana dugika ditaros ihwal lima perkara.
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 22 Agustus 2025: Keutamaan dan Manfaat Menjaga Wudhu
Kahiji, ihwal umurna. Dipake naon eta umur? Kadua ihwal kangoraannana. Dianggo naon eta kangoraan diseepkeun? Katilu sareng kaopatna ihwal hartana. Timana eta harta dikengingkeun sareng dianggo naon eta harta? Kalima, ihwal naon anu dipigawe sesuai sareng elmu anu dipibogana?” (HR. at-Tirmidzi).
Kitu geuning pertarosan anu bakal dipayunan ku urang sadayana. Matak hayu atuh urang emut deui ku urang. Hartosna urang teh sanes teu kenging gaduh harta jeung raja kaya. Nanging ulah resep jeung katungkul teuing ku ngumpul-ngumpulna, bari poho kana hak-hakna eta harta, sumawona bari poho di akherat kana hisabanna. Urang di dunya teh moal lila, pasti aya akhirna. Pasti bakal aya maot anu nungtungan eta kahirupan dunya. Sakaligus maot anu jadi awal pertangung-jawaban urang di alam akherat. Hanjakal, kalolobaan nana jalma teh poho dugika palebah dinya.
Matak tong heran, teu sauetik jalma anu mabok ku dunya, poho kana cara ngala dunya anu dipika rido pangeran, teu ningali halal jeung haram. Tah cara anu saperti kitu teh teu sae mungguh agama jeung aturan pangeran.
Hadirin sidang Jumah sadayana
Jadi cindekna urang teh ulah jongjon teuing sabab bakal ditanya lima perkara tadi. Kira-kira lamun ditanya lima perkara tadi, naha urang parantos siap kanggo ngajawabna? Lamun umur urang dianggo taat mah, gampang pisan ngajawabna. Tapi sabaliknya geura bayangkeun ku urang lamun umur dianggo ma’siat atanapi doraka nukang nongong ka pangeran, bade kumaha urang ngajawab? Teu acan deui pertanyaan anu sanesna, nyaeta perihal kangoraan, amal soleh, harta, oge ni’mat-ni’mat anu sanesna. Leres sakumaha pidawuh Alloh, tiap ni’mat bakal ditaroskeun:
ثُمَّ لَتُسْأَلُنَّ يَوْمَئِذٍ عَنِ النَّعِيمِ
Hartosna, “Saterasna, anjeun pasti bakal ditanya dina eta poe ihwal kani’matan (anu mewah di dunia).” (at-Taktsur [102]: 8).
Baca juga: Naskah Bahasa Sunda Khutbah Jumat 15 Agustus 2025/21 Safar 1447 H: Nunjukkeun Bukti Kaimanan Diri
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.