Selasa, 5 Mei 2026

17 Agustus 2025

Naskah Singkat Pidato Pembina Upacara Bendera 17 Agustus 2025 Indonesia Maju

5 Contoh Teks Singkat Pidato Pembina Upacara Bendera 17 Agustus 2025 dalam Bahasa Sunda

Tayang:
Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
Tribunpriangan.com/Ai Sani Nuraini
TEKS PIDATO UPACARA - 5 Contoh Teks Singkat Pidato Pembina Upacara Bendera 17 Agustus 2025 dalam Bahasa Sunda. (Foto: Kapolres Ciamis Pimpin Upacara di SMA Negeri 1 Ciamis, Senin (6/1/2025)(Dok: Tribunpriangan.com/Ai Sani Nuraini). 

Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.

Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.

Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?

Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.

Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.

Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.

Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.

Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.

Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.

Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Baca juga: Anak Sekolah Tetap Upacara 17 Agustus 2025 Meski Jatuh di Hari Minggu atau Tidak? Begini Aturannya

Pidato 3

Kemerdekaan Indonesia
Bismillahirohmannir rohim,Assalamualaikum Wr. Wb!

Hadirin anu ku simkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang sanggakeun pujisinareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi katiasa kumpul ditempat ieu.

Henteu hilap, sholawat sarta salam urang serahkeun ka Nabi Muhammad SAW,kulawarga, sahabatna, sareng umatna nepi ka akhir zaman. Langkung tipayun sim kuringngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acaraperingatan hari kemerdekaan Republik Indonesia anu ka 80 tahun 2025.

Sumber: Tribun Priangan
Halaman 2/4
Rekomendasi untuk Anda

Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved