Hari Guru 2024
3 Contoh Pidato Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda untuk Siswa SD, SMP dan SMA
Berikut Ini Dia 3 Contoh Piadato Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda untuk Siswa SD, SMP dan SMA
Penulis: Riswan Ramadhan Hidayat | Editor: ferri amiril
TRIBUNPRIANGAN.COM – Tribuners, Hari Guru Nasional kita peringati tepat di tanggal 25 November 2024 hari ini.
Hari spesial ini menjadi momen mengapresiasi peran guru dalam mendidik anak-anak Indonesia untuk tumbuh dan berkembang.
Nah, Hari Guru Nasional berawal dari berdirinya Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) pada 25 November 1945 silam.
Penetapan Hari Guru sudah melalui Keputusan Presiden Nomor 78 Tahun 1994, yang mana pemerintah menetapkan hari lahir PGRI itu sebagai Hari Guru Nasional untuk menghormati perjuangan para guru.
Tribuners, Hari Guru Nasional yang bertepatan dengan hari Senin tanggal 25 November 2024 ini, biasanya akan diperingati dengan melaksanakan upacara bendera.
Dalam upacara tersebut, terkadang akan ada salah satu perwakilan dari siswa yang akan memberikan pidato spesial di Hari Guru Nasional 2024.
Maka dari itu, berikut TribunPriangan.com rangkum beberapa contoh pidato upacara Hari Guru Nasional 2024 sebagai referensi dalam Bahasa Sunda untuk siswa SD, SMP dan SMA.
Baca juga: 50 Ucapan Selamat Hari Guru Nasional 2024 Menyentuh Hati, Cocok Jadi Caption di Media Sosial
Baca juga: 30 Ucapan Selamat Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Inggris dan Artinya, Thank You My Teacher!
Contoh Pidato Upacara Hari Guru Nasional 2024 Bahasa Sunda (1)
Assalamualaikum wr. wb.
Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
Tepangkeun, wasta abdi pun.. (nama kamu) bade mintonkeun biantara, anu ngeunaan kana peringatan hari guru nasional nu judulna “jasa guru”.
Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka hadirat Allah SWT, anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana.
Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan.
Sholawat sinareung salam mugi tetep kakocorkeun ka junjungan urang nyaeta Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para sahabatna, sareng teu hilap deui urang sadaya salaku umatna anu nurut ka ajaranana Amin ya robal alamin.
Hadirin rohima kumullah.
Guru nyaeta pahlawan anu mani ageung pisan jasana, lamun teu aya guru urang sadaya moal tiasa naon-naon.
Sabab berkat jasa guru, urang anu kapungkurna teu tiasa nanaon, jadi tiasa nulis, maca, ngitung, jeung sajabina.
Kumargi eta dina kesempatan ieu hayu urang sadaya kususna siswa-siswi.. (nama sekolah) hayu urang ngahaturkeun sarebu-rebu nuhun ka sadaya para guru anu tos masihan bekel sareung elmu ka urang sadaya.
Mudah-mudahan Allah SWT maparin berkah ka sadaya guru anu aya disakola urang sareung umumna kasadaya guru anu aya dinagara Indonesia.
Kungayakeun acara ieu hayu urang babareungan ningkatkeun prestasi urang sadaya kususna dina bidang pendidikan, sareung hayu urang babareungan ningkatkeun ka taqwaan urang ka Allah SWT.
Mung sakitu anu kapihatur nu tiasa simkuring teupikeun. Mugi-mugi dina ayana acara ieu aya mangpaatna kanggo urang sadaya.
Bilih aya cariosan anu kirang merehna dina manah para hadirin sadaya pamugi tiasa kersa dihapunteun nu saageung-ageungna.
Akhiru kalam.
Wassalamualaikum wr, wb.
Baca juga: 27 Ucapan Selamat Hari Guru Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda, Hatur Nuhun Ibu Bapak Guru!
Contoh Pidato Upacara Hari Guru Nasional 2024 Bahasa Sunda (2)
Assalamualaikum wr, wb..
Hayu mangga urang ucapkeun sadaya puji ka gusti alloh anu parantos ngangkat harkat jeung derajat manusa sareng élmu jeung amal dina sadaya alam.
Shalawat sinareng salam mugia kalimpahkeun ka jungjungan urang saréréa nyaéta nabi Muhammad SAW, pamingpin umat manusa, katut ka keluargina sareng sohabatna anu ngajadikeun sumber élmu jeung hikmah.
Hadirin sakantenan..
Moal aya saurang presiden lamun teu aya saurang guru, moal aya saurang dokter lamun teu aya saurang guru, sareng moal aya guru lamun teu aya saurang guru ogé.
Salajengna,
Kanggo janten saurang presiden urang kudu pinter, kanggo janten dokter urang kudu pinter, kanggo janten saurang guru urang kudu pinter.
Nah, kanggo janten pinter téh urang kudu sakola.
Kunaon kudu sakola? Sabab didinnya aya saurang guru anu siap kanggo ngadidik urang, siap keur nganterkeun urang ngudag kana cita-cita.
Sadérék sakantenan anu ku simkuring di pikahormat!
Élmu nyaéta cahyana dina kahirupan. Kalawan élmu, urang janten terang kumaha carana ibadah ka Alloh, kalawan élmu, urang janten terang kumaha nyambung silaturahmi ka sasama jalmi.
Saha éta anu ngajarkeun sadaya élmu téh? Nyaéta anu ngajarkeun guru-guru urang, boh guru disakola atanapi guru agama masing-masing.
Syekh Az Zarnuji pernah ngadawuh yén “Guru parantos ngadeukeutkeun hiji perkawis anu jauh, sarta tiasa muka panto anu ka tutup.”
Para hadirin sadayana..
Anu ngajarkeun hiji hurup ogé kedah ku urang hormatan, komo deui lamun anu ngajarkeun urang loba élmu? Jadi jelas, kitu penting kacidana éta sosok guru téh dina kahirupan urang.
Réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikahormat..
Guru parantos ngababarkeun seueur pahlawan hebat di bumi ieu. Mangka atos sakuduna urang nganjenan jasa guru-guru urang anu parantos masihan urang seueur élmu ku pangaweruhna, ngadidik urang ka arah kasaéan. Jadi, kanggo simkuring mah “Guru téh nya éta pahlawan.”
Hadirin sakalian, dewan, guru, sareng réréncangan anu ku simkuring pikahormat..
Mung ngan sakitu baé anu tiasa ku simkuring dugikeun dina biantara singkat ngenaan kana jasa guru ieu.
Haturnuhun kana sagala perhatosan-nana, simkuring neda di hapunten tina sagala rupi kakirangana, boh dina cariosana boh dina materi anu ku simkuring dugikeun ieu.
Wassalamualaikum wr, wb.
Baca juga: Selamat Hari Guru, Ini Teks MC Upacara Hari Guru Nasional 2024, Dilengkapi Susunan Upacara Resmi
Baca juga: Selamat Hari Guru, Ini Tata Tertib dan Susunan Upacara Periangatan Hari Guru Nasional 2024
Contoh Pidato Upacara Hari Guru Nasional 2024 Bahasa Sunda (3)
Assalamu’alaikum Warohmatullaahi Wabrokaatuh
Alhamdulillah, Alhamdulillahirabbil Alamiin, assholatu wassalamu ala syrofil anbiya’i wa imamil mursalin, sayyidina wamaulana muhammadin wa ala alihi wasohbihi aj’main. Amma Ba’du
Ti payun mangga urang panjatkeun sasarengan puja jeung puji syukur kahadirat ALLAH SWT. Alhamdulillah dina dinten ieu urang sadayana tiasa kempel ngariung dina kayaan sehat walafiat.
Rahmat jeung salam mugia tetep dilimpahkeun kanggo nabi urang sadayana muhammad saw nu teu aya nabi nu sanes saparantosna.
Mugi ogé urang kalebet kana pangikutna nu menangkeun syafaat di poé kiamat engkin, amin yaa robbal alamin.
Teu hilap urang panjatkeun ogé du’a kanggo kadua kolot urang sarta bapa ibu guru nu parantos ngadidik, ngabina, sareng ngabekeulan urang ku pangelmu nu seueur, ku kituna urang mugi-mugi tiasa jadi jalmi-jalmi anu iman, taqwa, sareng boga akhlak mulia.
Dina ieu kasempetan simkuring badé ngadugikeun biantara ngeunaan kana pentingna urang mikahormat ka kolot jeung ka guru urang.
Éta hartosna yen kedah aya béntenna antawis nyarios ka sepuh sareng nyarios ka réréncangan.
Sanaos nganggo basa naon bad, ari hormat ka sepuh sareng ka ibu bapa guru mah tangtos wajib. Mung dina basa Sunda mah éta téh diperhatoskeun pisan. Duh mani saénya bahasa sunda téh?
Hadirin anu kusimkuring pikahormat.
Urang tangtos kedah hormat ka anu janten sepuh urang anu parantos ngurus urang sadayana, teu kinten ageungna jasa anu janten sepuh urang téh.
Kitu ogé ka bapa sareng ibu guru, urang sadayana kedah mikahormat anjeunna margi ibu bapa guru tdh parantos ngajar urang tiasa terang kana elmu anu tangtos aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Hadirin sarta rerencangan sakantenan nu simkuring pikadeudeuh.
Unggal jalmi tangtuna pasti miboga sepuh atanapi kolot, teu aya hiji jalmi ogé manusa anu lahir teu aya bapa jeung indungna iwal ti nabi adam.
Urang ogé sadar tangtuna kolot urang téh tos sesah beurang peuting ngabanting tulang, mikiran sakuat tanaga kumaha carana pikeun ngajuangkeun anak-anakna.
Ku kituna urang salaku anak-anakna kedah hormat ka anjeuna, sabab hormat ka indung jeung bapa téh mangrupakeun sala sahiji amal shaleh anu mulia bahkeun parantos disebutkeun dina aL-Qur’an pikrun kautamaan ngabakti ka indung jeung bapa teh, saur firman allah: …….
Hadirin, bapa ibu guru anu jusimkuring dipikahormat, sareng réréncangan anu ku simkuring pikadeudeh.
Rupina ngan sakitu baé biantara singket ti simkuring, hamputen anu kasuhun bilih aya cariosan ti simkuring anu kirang merenah. Sareng mugi-mugi urang sadayana kalebet jalmi anu tiasa hormat ka anjeuna, janten hamba-hamba pilihanna, sereng mugi urang ogé kalebet jalmi-jalmi anu beruntung. Amin yaa robbal alamin!
Akhirul kalam, Wassalamu’alaikum Warohmatullaahi Wabarokaatuh.
Simak berita update TribunPriangan.com lainnya di: Google News
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.