Naskah Khutbah Jumat

Khutbah Jumat 5 Juli 2024, Pakai Bahasa Sunda, Tema: Soal Judi Online Kaasup Pagawean Setan

Khutbah Jumat 5 Juni 2024, pakai Bahasa Sunda, Tema: Soal Judi Online Kaasup Pagawean Setan

Tribunjabar.id
ILustrasi khutbah jumat - Tema: Soal Judi Online Kaasup Pagawean Setan. (TRIBUN JABAR/GANI KURNIAWAN) 

Naon pangna Alloh miwarang hamba-Na ngajauhan judi? Dina Al-Quran, memang nu dianggo istilah fajtanibu, anu hartosna kudu ngajauhan aranjeun kabeh kana judi. Tapi numutkeun para ulama, makna ngajauhan leuwih kuat tibatan haram. Sabab, ngajauhan hartosna teu meunang ngadeukeutan. Sahingga ngadeukeutan hungkul oge geus teu meunang, komo deui lamun migawe atawa terlibat permaenan.

Salajengna, kunaon Allah marentah urang keur ngajauhan judi? Sabab, judi kalebet salah sawios pagawean anu nimbulkeun permusuhan sareng kadengkian.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 28 Juni 2024: Tiga Golongan Manusia dalam Al-Quran Menurut Ulama

Teu saeutik jalma anu tos kajerat judi ruksak hubungannana, ima jeung sasamana, jeung pamajikannana, jeung orang tuana, sareng tatanggana. Hal eta teu tiasa dileupaskeun judi salaku pagawean setan, sareng deui setan resep nimbulkeun papaseaan jeung permusuhan.

Kalih ti eta, judi oge matak mohokeun diri ka Alloh, mohonkeun diri kana solat, sareng mohokeun diri kana jalan kahadean. Mangga urang titenan ayat suci Al-Quran anu netelakeun ruksak sareng bahayana pagawean judi:

اِنَّمَا يُرِيْدُ الشَّيْطٰنُ اَنْ يُّوْقِعَ بَيْنَكُمُ الْعَدَاوَةَ وَالْبَغْضَاۤءَ فِى الْخَمْرِ وَالْمَيْسِرِ وَيَصُدَّكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللّٰهِ وَعَنِ الصَّلٰوةِ فَهَلْ اَنْتُمْ مُّنْتَهُوْنَ

Hartosna, “Ku inuman keras sareng judi teh, setan ngamaksud nimbulkan permusuhan sareng kabencian di antara aranjeun, sareng ngahalang-halang aranjeun tina eling ka Alloh sareng migawe sholat, maka kunaon aranjeun henteu ngeureunan?” (QS. al-Maidah [5]: 91).

Kaduana, judi kalebet pagawean ngadahar harta batur ku cara batil. Sing emut yen dina judi teh aya praktek sareng transaksi anu teu dibenerkeun ku hukum Islam.

Mangga ku urang perhatoskeun, nalika para pamaen judi ngaluarkeun duit taruhan, teras dikumpulkeun sareng dimaenkeun ku bandar. Kanggo hadiahna dicandak tina duit taruhan tadi.

Baca juga: Naskah Singkat Khutbah Jumat 28 Juni 2024: Tiga Golongan Manusia dalam Al-Quran Menurut Ulama

Di dieu jelas, nu meunang bakal bungah sementara nu eleh kuciwa, haneueul, malah kadituna mah ambek. Ku sabab panas kunu meunang sareng panasaran hayang meunang, akhirna nu eleh maen deui. Kitu saterusna hingga ka nyanduna ngaluarkeun duit kanggo judi.

Tah transaksi anu ngarugikeun samodel kitu teh teu dibenerkeun ku Islam. Matak Alloh dina Al-Quran parantos peupeujeuh supaya urang ulah wani-wani ngadahar harta batur ku cara zolim jeung batil.

وَلَا تَأْكُلُوْٓا اَمْوَالَكُمْ بَيْنَكُمْ بِالْبَاطِلِ

Hartosna, “Jeung ulah rek ngadahar aranjeun kana harta di antara aranjeun ku jalan anu batil,” (QS. al-Baqarah [2]: 188).

Sidang Jumah rohimakumulloh, Walhasil, judi teh loba pisan bahayana, ti kawit gangguan mental kusabab kacanduan, tindakan kriminal, karugian finansial, sareng konflik internal. Sareng masih seueur deui akibat goreng sanesna anu ditimbulkeun tina judi teh, ima anu langsung dirasakeun ku para pelakuna atanapi ku jalmi-jalmi anu aya di sagigireunnana.

Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 5 Juli 2024: Muhasabah untuk Berubah di Tahun Baru Hijriah

Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami nyegah diri urang sareng jalmi-jalmi nu aya di sagigireun urang tina pagawean judi. Urang sing sieun ku bebendu sareng siksaan Alloh. Ulah rek nyoba-nyoba pagawean keji eta, sabab geus tigebrus mah bakal kalalanjoan.

Keur dulur-dulur anu geus pernah atawa geus kacanduan, geura eureunan, sabab teu aya jalma beunghar tina perjudian. Anggur mah geura tobat, salagi masih ayah kasempetan.

Halaman
1234
Sumber: Tribun Priangan
Berita Terkait
  • Ikuti kami di

    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved