17 Agustus 2025
5 Contoh Teks Singkat Pidato Pembina Upacara Bendera 17 Agustus 2025 dalam Bahasa Sunda
5 Contoh Teks Singkat Pidato Pembina Upacara Bendera 17 Agustus 2025 dalam Bahasa Sunda
Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: Dedy Herdiana
TRIBUNPRIANGAN.COM - Tidak lama lagi, masyarakat tanah air akan kembali masa sejarah kemerdekaan Republik Indonesia.
Seperti pada tahun-tahun sebelumnya, perayaan hari jadi Bangsa Indonesia yang ke-80 tahun, akan jatuh pada tanggal 17 Agustus, dan tahun 2025 ini berlangsung pada akhir pekan yakni hari Minggu.
Berbagai kegiatan dilakukan mulai dari tingkat RT/RW, desa, kabupaten/kota, provinsi hingga nasional.
Dialansir dari Kementerian Sekretariat Negara Republik Indonesia, peringatan HUT RI tahun ini akan mengusung tema besar "Bersatu Berdaulat, Rakyat Sejahtera, Indonesia Maju".
Adapun, nantinya berbagai kegiatan dilakukan mulai dari tingkat RT/RW, desa, kabupaten/kota, provinsi hingga nasional, untuk memeriahkan HUT ke-79 RI.
Baca juga: Tanggal 17 Agustus 2025 Tepat Hari Minggu, Apakah Seninnya Libur?
Di tingkat desa, biasanya diadakan panggung atau perayaan yang dilakukan bersama-sama warga, sedangkan disekolah maupun instansi pemerintah juga menggelar dihalaman kantor atau bangunan sekolah masing-masing, tak terkecuali di wilayah Jawa Barat yang notabennya merupakan suku Sunda.
Seperi yang diketahui, sebagai acara resmi perayaan HUT RI setiap tahunnya aka menggelar upacara bendera diberbagai instansi, mulai dari sekolah, kantor, maupun desa secara keseluruhan.
Nah, untuk itu berikut ini TribunPriangan telah menyiapkan sedikitnya 5 naskah pidato dengan bahasa Sunda yang bisa dijadikan acuan saat pelaksanaan upacara bendera 17 Agustus 2025 nanti.
- Pidato 1
Assalamualaikum, Wr. Wb.
Hadirin anu dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka gusti Allah SWT, anu tos maparinkeun rahmat ka urang sadaya dugi tiasa kumpul dina raraga ieu. Shalawat sinareung salam mugi kacurahkeun ka Nabi Muhammad SAW, sahabatna, kulawargina sareung umatna dugi ka akhir zaman.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina raraga tepang taun Kamerdekaan Republik Indonesia anu ka-80. Bapak Kapala Sakola miwah Bapak sareng Ibu Guru, kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh. Dinteun ieu dina raraga paturay tineung, Alhamdulillah urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka-80.
Seueur pisan pangorbanan raga, getih para pajuang bangsa Indonesia dina melaan kamerdekaan Indonesia. Kukituna urang salaku panerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan saderek pahlawan urang, ku jalan diajar giat ameh tiasa ngahontal cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia anu leuwih hade kahareupna.
Sajabina ti eta, seueur keneh hal anu tiasa ku urang lakonan dina rangka ngisi kamerdekaan Indonesia. Sapertos ngajauhkeun diri tina pangaruh narkoba, pergaulan bebas, tauran jeung sajabana. Intina hayu urang sami-sami babareungan ngeusian kamerdekaan ieu ku hal-hal positif jeung mangfaatkeun diri urang. Sakitu anu kapihatur, hapunteun bilih aya kaleupatan.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Baca juga: 10 Pidato Upacara 17 Agustus 2025 Khidmat dengan Bersatu Berdaulat, Rakyat Sejahtera, Indonesia Maju
- Pidato 2
Assalamu Wr. Wb
Tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah rabbul Ghofur, ka dzat Allah anu Maha Agung.
Kusabab kalayan nikmat ti mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung di ieu tempat dina raraga mieling acara kemerdekaan RI 17 Agustus.
Sholawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjungan urang sadaya, nyatana Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina ka para sahabat ka para tabi'in oge tabiat, tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Hadirin Rahimakumullah,
Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.
Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.
Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?
Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.
Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.
Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.
Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.
Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.
Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.
Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Baca juga: Tanggal 17 Agustus 2025 Tepat Hari Minggu, Apakah Seninnya Libur?
- Pidato 3
Kemerdekaan Indonesia
Bismillahirohmannir rohim,Assalamualaikum Wr. Wb!
Hadirin anu ku simkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang sanggakeun pujisinareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi katiasa kumpul ditempat ieu.
Henteu hilap, sholawat sarta salam urang serahkeun ka Nabi Muhammad SAW,kulawarga, sahabatna, sareng umatna nepi ka akhir zaman. Langkung tipayun sim kuringngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acaraperingatan hari kemerdekaan Republik Indonesia anu ka 80 tahun 2025.
Para sadérék sadaya,
Salah sahiji hal anu penting dina raraga miéling hari kemerdekaan, urang kedah gaduhrasa anu sajero-jerona dina jiwa anu suci syukur ka Pangéran Nu Maha Kawasa, yénkamerdekaan nu dipimilik ku urang éta karunia ti Allah nu dipasihkeun ka bangsa Indonesia,diproklamirkeun dina tanggal 17 Agustus 1945.
Anu kedah jadi perbatasan salamina, merdeka téh ngandung hartos tanggung jawab,maksadna hiji bangsa anu merdeka éta kedah pinuh ku rasa tanggung jawab kanggo ngabela,‘miara, ngurus sareng ngeusian’ kamerdekaan. Sadar sareng pinuh kasanggupan kanggongayakeun rupi-rupi pangorbanan anu diperlukeun kanggo kaluhuran, kamajuan sareng kajayaanlemah cai katut nagara urang.
Sajabi ti éta urang kedah sadar deui sareng leres-leres tiasa ngahayati yen ieukamerdekaan téh lain paméré ti penjajah, tapi kamerdekaan teh hasil perjuangan anu nyata sartahasil usaha bangsa Indonésia, ngorbankeun harta, tanaga sareng jiwa raga nu sanés sakedik.
Seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dinamélaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsatos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giatngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajangkahareupna.
nagara urang parantos ngagaduhan falsafah Pancasila sareng UUD 1945, mangga urangsami-sami pertahankeun tina rongrongan tangan-tangan jahil nu rék ngarintang’ kana lancarnapangwangunan di nagara. Akhirna dina raraga miéling hari kemerdekaan ayeuna, mangga urangsami-sami mintonkeun rasa syukur ka Pangéran nu parantos maparinkeun ni’mat kamerdekaanka urang sadaya.
Sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan Allah ta’ala salamina ngalimpahkeun rahmat kasadaya bangsa Indonésia. Aamiin yaa rabbal 'alamiin!
Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Baca juga: 12 Kali Sejak Merdeka, Peringatan 17 Agustus Berlangsung Pada Hari Minggu
- Pidato 4
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Anu dipihormat Rama ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RW ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RT ...
Merdika! Merdika! Merdika!
Hayu urang panjatkeun puji sukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala, margi luhur limpahan rahmat sarta hidayah-Na, dina poe ieu urang sadaya dibere keneh kasempetan kanggo ngiring meramekeun acara dinten teupang taun kamerdikaan
Nagara Republik Indonesia anu ka-80 dina kaayaan damang wal-afiat.
Saterasna kalawan pangemut dinten teupang taun kamerdikaan urang ieu urang ngaharepkeun, mugi-mugi urang langkung ngaronjatkeun rasa tresna urang dina lemah cai sarta bangsa, langkung ngaronjatkeun tanagi juang urang ka bangsa
sarta nagara,langkung mempersatukeun jiwa sarta sakabeh awak urang kanggo memperkokoh persatuan sarta kesatuan bangsa.
Saderek sakantenan anu berbahagia, lamun urang emut perjuangan para pahlawan warsih 1945 mangka terlintas tangtos di benak urang yen sumanget perang anu kawas seuneu anu teu acan pareum eta kitu hebat ngahiji dina jiwa para pahlawan pajoang 45 eta.
Nanging kitu tak kawon pentingna kalawan peran urang sadaya ayeuna ieu. Perjuangan sateu acan parantos. Korban parantos
seueur ragragan mangka marilah urang ronjatkeun teras jiwa sarta sumanget 45,kalawan ngawujudkeun jiwa pangwangunan anu tangguh
Kamakmuran dumasar kaadilan sarta Kapangeranan Anu Maha Esa teu acan urang capai. ku kituna seueur keneh anu kedah urang perjuangkeun. Kamerdekaan minangka pusaka para pahlawan urang ieu hadena urang eusi kalawan jiwa pangwangunan teu aya mikawanoh kapentingan pribadi leuwih tiheula.
Jiwa sarta sumanget 45 nyaeta jiwa sarta sumanget kebersamaan. Jiwa anu mendahulukeun kapentingan sareng di luhur kapentingan golongan. ku kituna deui mangka urang wajib menigkatkeun rasa solidaritas berbangsa sarta bernegara. Persatuan sarta kesatuan nasional langkung di luhur kapentingan urang sacara pribaos sarta golongan. Tumbuhkeun rasa sumanget kebersamaan dina memperjuangkeun cita-cipta kamerdekaan.
Insya Allah hareupan bangsa Indonesia ngahontal kahirupan anu adil sarta makmur dumasar Pancasila sarta Ulem-Ulem Dasar 1945 kalawan ridla Allah Subhanahu wa Ta’ala kahontal kalawan numuwuhkeun sumanget persatuan sarta kesatuan nasional Indonesia. Amin,amin,yaa robbal ‘alamin.
Akhirul saur,wilujeng bajoang,wilujeng ngawangun bangsa sarta nagara urang tercinta ieu.
Dirgahayu Indonesia kuring! Merdika!
Baca juga: Anak Sekolah Tetap Upacara 17 Agustus 2025 Meski Jatuh di Hari Minggu atau Tidak? Begini Aturannya
- Pidato 5
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boga catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin Nu dipihormat
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku
kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi
ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.
(*)
Baca artikel TribunPriangan.com lainnya di Google News
Teks Pidato Upacara 17 Agustus 2025
Upacara 17 Agustus 2025
17 Agustus 2025
Pidato Upacara 17 Bahasa Sunda
Teks Pidato Upacara Bahasa Sunda
Teks Pidato Upacara
contoh pidato
pidato
| Presiden Resmi Tambah Libur Bersama di Agustus 2025, Kapan? Catat Juga Tanggal Libur Lainnya |
|
|---|
| Kalender Agustus 2025: Tanggal 17 Hari Minggu, Apakah Anak Sekolah Upacara dan Ada Tambahan Libur? |
|
|---|
| Contoh Naskah Pidato Hari Anak Nasional 2025 untuk Sekolah, Kepala Desa/Lurah Hingga Wali Murid |
|
|---|
| 6 Teks Pidato Pembukaan MPLS 2025, Panduan untuk Kepsek Mengenalkan Sekolah Kepada Murid Baru |
|
|---|
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/priangan/foto/bank/originals/Kapolres-Ciamis-Pimpin-Upacara-di-SMA-Negeri-1-Ciamis-1.jpg)
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.