Naskah Khutbah Jumat
Naskah Bahasa Sunda Khutbah Jumat 25 Juli 2025 : 3 Tetenger Hirup Manusia di Alam Dunya
Berikut ini Naskah Bahasa Sunda Khutbah Jumat 25 Juli 2025/30 Muharram 1447 H dengan judul 3 Tetenger Hirup Manusia di Alam Dunya
Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: Dedy Herdiana
Teu hilap, ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat ka sadayana ahli Jumah, khusus ka diri pribadi, sumangga urang sasarengan ngiatkeun wangunan kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt, margi takwa mangrupikeun pang sae-saena bekel urang napak dina perjalanan Alloh sareng uih ka Mantenna.
Sidang Jumah Anu dimulyakeun ku Alloh,
Salah sawios ayat Al-Quran anu dikapayunkeun ku khotib dina muqodimah tadi nguningakeun:
كُلُّ مَنْ عَلَيْها فَانٍ ، وَيَبْقَى وَجْهُ رَبِّكَ ذُو الْجَلالِ وَالْإِكْرام
Hartosna, “Sadayana anu aya di muka bumi bakal ruksak. Nanging, Dzat Pangeran anjeun anu gaduh kaagungan sareng kamulyaan nu bakal abadi,” (QS. Ar-Rahman [55]: 26-27).
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 25 Juli 2025/30 Muharram 1447 H: Menjaga Diri dan Keluarga dari Zina
Jelas kadangu tur kahartos ku urang sadayana, oge eta pisan anu kedah janten kayakinan sareng tetenger keur urang salaku makhluk anu kumelenang di alam dunya. Dina waktu anu tos ditangtoskeun urang bakal ruksak oge uih ka akherat. Janten atuh rugi kacida lamun urang poho kana tetenger ieu.
Kalih ti eta, tetenger ieu teh parantos dikiatkeun ku wasiat Malaikat Jibril ka Kangjeng Rosul, sakumaha anu dina hadits:
جَاءَ جِبْرِيلُ إِلَى النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم، فَقَالَ:يَا مُحَمَّدُ، عِشْ مَا شِئْتَ فَإِنَّكَ مَيِّتٌ، وَأَحْبِبْ مَنْ أَحْبَبْتَ فَإِنَّكَ مَفَارِقُهُ، وَاعْمَلْ مَا شِئْتَ فَإِنَّكَ مَجْزِيٌّ بِهِ
Hartosna, “Hiji waktos, Malaikat Jibril sumping ka Kangjeng Nabi saw., teras sasauran, “He Muhammad, prak hirup anjeun sasuka anjeun, ngan sing emut saenya-enyana anjeun bakal maot. Oge prak pikacinta jalma anu dipikacinta ku anjeun, ngan sing emut saenya-enyana anjeun teh bakal pisah jeung manehna. Oge prak pigawe sakadaek anjeun, ngan sing emut anjeun bakal dibere palesan ku sabab eta pagawean,” (HR. Ath-Thabrani).
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Janten numutkeun eta hadits, urang salaku manusia anu kumelenang di alam dunya, gaduh tilu tetenger. Kahiji, urang menang hirup sakarepna, ngan ulah hilap ruh urang bakal pisah jeung jasad urang. Maot pingaraneunnana. Numutkeun kahayang nafsu mah memang urang hoyong sagenahna hirup teh. Hayang sadaekna jeung hayang salila-lilana. Nanging sakumaha urang resep sareng sakumaha betah di alam dunya, keukeuh dina waktuna mah urang bakal disapih ku maot oge kudu balik ka akherat.
Hal ieu oge luyu sareng katerangan ayat anu nguningakeun:
كُلُّ نَفْسٍ ذَاۤىِٕقَةُ الْمَوْتِۗ ثُمَّ اِلَيْنَا تُرْجَعُوْنَ
Hartosna, “Satiap anu bernyawa pasti bakal ngasaan kamatian,” (QS. Al-Ankabut [29]: 27).
Kadua, urang meunang mikacinta saha wae, oge mikacinta naon wae, ngan ulah hilap urang bakal pisah sareng anu dipikacinta. Sidik jeung tetela, perkara anu dipika cinta teh koncina lamun teu ditingalkeun ku urang, bakal ningalkeun urang. Teu aya bejana, jalma Islam mah maot nyandak raja kaya jeung dunya barana. Keukeuh we nu dicandak mah amal kahadean. Matak teu salah Al-Quran nyebatkeun, harta jeung anak katurunan teh ukur perhiasan tur kaendahan dunya, sedengkeun nu leuwih alus balesannana di payuneun Alloh mah nyaeta amal-amal anu soleh.
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 25 Juli 2025/30 Muharram 1447 H: Menjaga Diri dan Keluarga dari Zina
اَلْمَالُ وَالْبَنُوْنَ زِيْنَةُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۚ وَالْبٰقِيٰتُ الصّٰلِحٰتُ خَيْرٌ عِنْدَ رَبِّكَ ثَوَابًا وَّخَيْرٌ اَمَلًا
Naskah Khutbah Jumat Juli
Khutbah Jumat Bulan Muharram
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Bahasa Sunda
Khutbah Sunda
khutbah Jumat
Contoh Teks Khutbah Jumat
Naskah Khutbah Jumat Hari Ini
Naskah Khutbah Jumat
Teks Khutbah Jumat
Naskah Khutbah Jumat 25 Juli 2025: Teknologi: Antara Mudharat dan Manfaat |
![]() |
---|
Naskah Khutbah Jumat 25 Juli 2025: Dampak Buruk Perbuatan Maksiat |
![]() |
---|
Naskah Khutbah Jumat 25 Juli 2025: Tingkatan Kadar Balasan Amal Manusia di Dunia |
![]() |
---|
Naskah Khutbah Jumat 25 Juli 2025/30 Muharram 1447 H: Menjaga Diri dan Keluarga dari Zina |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.