Naskah Khutbah Jumat
Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024 Anu Temana 6 Lawang Asupna Godaan Setan ka Manusa
Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024 Dalam Terjemahan Bahasa Sunda : 6 Lawang Asupna Godaan Setan ka Manusa
Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun iman sareng takwa ka Allah Swt, sabab ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana.
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Sakumaha kauninga, Iblis jeung anak buahna nyaeta setan teh tos ikrar jangji ka Alloh swt yen bakal ngahalang-halang manusa tina jalan anu lempeng jeung bener, ti arah mana wae, sareng ku cara naon wae, sakumaha anu tos ditetelakeun dina Al-Quran:
ثُمَّ لَأٓتِيَنَّهُم مِّنۢ بَيۡنِ أَيۡدِيهِمۡ وَمِنۡ خَلۡفِهِمۡ وَعَنۡ أَيۡمَٰنِهِمۡ وَعَن شَمَآئِلِهِمۡۖ
Hartosna, “Kaula (Iblis) bakal ngadatangan maranehna (manusia) ti hareupeun, ti tukangeun, ti katuhueun, sareng ti kencaeun maranehna,” (QS Al-A'raf [7]: 17).
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024/23 Safar 1446, Bertemakan Tentang Bencana, Ujian ataukah Azab?
Teras kumaha carana iblis ngagoda manusia? Tina lawang naon wae iblis asupna? Numutkeun Syekh as-Samarqandi dina kitab Tanbihul Ghafilin, aya sababaraha lawang asupna godaan setan kana diri manusa.
Di antawisnya nu kahiji, tina lawang goreng sangka sareng ngarasa kurang kana pamerean nu tos aya. Ngalangkungan lawang ieu, setan ngagoda jeung ngajongklokeun manusa supaya cilaka gara-gara boga goreng hate ka batur sareng teu syukur ka Pangeran.
Ubarna teu aya deui anging ti nutup lawang goreng sangka, sareng buka lawang hade sangka. Kalih ti eta sing tiasa bersyukur sareng sing yakin yen rezeki tos ditangung ku Nu Maha Kawasa, sakumaha dawuhannana.
وَمَا مِن دَآبَّةٍ فِي ٱلۡأَرۡضِ إِلَّا عَلَى ٱللَّهِ رِزۡقُهَا
Hartosna, “Jeung teu aya hiji makhluk di bumi anging Alloh anu ngajamin rezekina,” (QS. Hud [11]: 6).
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024: Meneladani Sosok dan Kepribadian Rasulullah SAW
Kadua, lawang godaan setan teh nyaeta ngarasa boga umur panjang sareng angen-angen anu jauh. Akibatna, manusa jadi poho kana maot sareng terus ngabeberik dunya. Keur piubareunnana nyaeta urang kudu sieun ku maot ngadadak dina kaayaan urang bisa persiapan. Sing emut kana dawuhan Allah:
وَمَا تَدْرِى نَفْسٌۢ بِأَىِّ أَرْضٍ تَمُوتُ ۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌۢ
Artinya, “Jeung teu aya saurang oge anu tiasa terang di bumi mana anjeunna bakal maot,” (QS. Luqman [31]: 34).
Katilu, lawang godaan setan teh kasengsrem ku kasenangan sareng kani'matan dunya. Akibatna manusa jadi poho kana kawajiban anu patali jeung eta ni'mat, nyaeta syukur kanu masihan ni'mat.
Keur nutup lawangna nyaeta urang kudu yakin yen ni'mat di dunia teh moal lana sareng di akherat bakal dihisab. Urang sing emut yen satiap ni'mat anu ku urang dini'mati teh bakal ditaros. Kitu sakumaha dawuhan Alloh:
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024: 3 Nikmat Allah SWT yang Sering Dilupakan
Naskah Khutbah Jumat Hari Ini
Naskah Khutbah Jumat
Teks Khutbah Jumat
Contoh Teks Khutbah Jumat
khutbah Jumat
Sunda
Pintu Masuk Godaan Setan
Naskah Singkat Khutbah Jumat 30 Agustus 2024, Bertemakan: Persiapan Bekal Terbaik Sebelum Ajal Tiba |
![]() |
---|
Naskah Singkat Khutbah Jumat 30 Agustus 2024: Nasihat Buat Anak Muda agar Terhindar dari Seks Bebas |
![]() |
---|
Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024/23 Safar 1446, Bertemakan Tentang Bencana, Ujian ataukah Azab? |
![]() |
---|
Naskah Khutbah Jumat 30 Agustus 2024: Meneladani Sosok dan Kepribadian Rasulullah SAW |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.