Naskah Khutbah Jumat

Teks Khutbah Jumat 26 Juli 2024, Dalam Bahasa Sunda Bertema Keseimbangan Hidup

Naskah Khutbah Jumat 26 Juli 2024, Bahasa Sunda : Nyaimbangkeun Kahirupan Dunya jeung Akherat

Penulis: Lulu Aulia Lisaholith | Editor: ferri amiril
Kompas.com
Shalat Idul Fitri di Kawasan Gumuk Pasir Parangkusumo, Kretek, Bantul , DIY, Senin (2/5/2022).(KOMPAS.com/MARKUS YUWONO) 

Hartosna, “Jeung Kaula (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa teh teu aya lian pikeun maranehna nyembah ka Kaula.”

Nyembah dina harti luas nyaeta sagala rupa bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade didasaran parentah Allah jeung sakumaha Rasulullah parantos nyontohkeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (hablu minalloh) atanapi ibadah kasasama manusa (hablu minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kudu bisa ngalola jeung ngamanfaatkeun naon wae nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun kasejahteraan hirup manusa sebab nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah.

Baca juga: Teks Naskah Khutbah Jumat 19 Juli 2024: Amalan-amalan Pembuka Pintu Rezeki

Hadirin rohimakumulloh,

Urang sadayana yakin yen sagala urusan dunya nu disanghareupan baheula nepi ayena, sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya beakna jeung tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawean jeung pangabutuh teh bakal terus datang.

Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngatasi perkara eta. Sabab lamun urang teu bisa ngatur jeung ngabatesan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana, leungiteun kabahagian hirup jeung kasaimbangan hirup dina kahirupan sapopoe.

Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk teh aya pasanganna samodel langit jeung bumi, daratan jeung lautan, halodo jeung hujan, lalaki jeung awewe leuwih tina hal eta jasmani jeung rohani. Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur sanajan sawareh oge nu aya kaitan jeung pangabutuh urang salaku manusa supaya bisa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani jeung rohani eta.

Baca juga: Khutbah Jumat 19 Juli 2024/1445 H: Allah Murkah Kepada Orang yang Ucapannya Melenceng dari Perbuatan

Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan jadi tujuan jeung cita-cita hirup keur umat Islam. Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201 :

وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّقُوْلُ رَبَّنَآ اٰتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّفِى الْاٰخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ

Hartosna, “Jeung di antara maranehna aya jalma anu ngado’a : ‘Nun gusti, pasihan abdi sadaya kasaean di dunya sareng kasaean di akherat sareng raksa diri kami tina siksa seuneu naraka’”.

Leuwih jelasna deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti Ibnu Asyakir :

لَيْسَ بِخَيْرِكُمْ ‌مَنْ ‌تَرَكَ ‌دُنْيَاهُ لآخِرَتِهِ، وَلَا آخِرَتَهُ لِدُنْيَاهُ حَتَّى يُصِيبَ مِنْهُمَا جَمِيعاً، فَإِنَّ الدُّنْيَا بَلَاغٌ إِلَى الآخِرَةِ وَلَا تَكُونُوا كَلاًّ عَلَى النَّاسِ

Hartosna, “Jalma nu pang hadena di antara aranjeun lain jalma anu ninggalkeun dunya keur akheratna, jeung lain jalma anu ninggalkan akherat keur dunyana, hingga eta jalma teh ngeunaan dunya jeung akherat duanana. Sabab dunya eta jembatan keur akherat. Maka ulah rek jadi beban aranjeun keur jalma-jalma nu sejenna.”

Kitu pisan sakumaha anu ditetelakeun dina kitab al-Fathul Kabir fi Dhammiz-Ziyadah ilal-Jami ash-Shaghir, Jilid 3, halaman 55.

Baca juga: Naskah Khutbah Jumat 19 Juli 2024: 4 Pesan Ulama dalam Adab Berbicara dengan Orang Lain

Hadirin Rohimakumullah,

Tina ayat Qur’an jeung hadits di luhur meunang kasimpulan sapertos kieu :

Halaman
123
Sumber: Tribun Priangan
Berita Terkait
  • Ikuti kami di

    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved